Lila Kardi ngajengjen, nungguan kasempetan anu hadé. Najan kudu pasesedek jeung batur, kapaksa nagen. Karasa, hawa di dinya rada nyongkab. Tapi Kardi maphum, lantaran lalaki-lalaki nu ngariung sabudeureun kalang, sumedeng disundutan birahina. Ngentab-ngentab dina dadana, di saawak-awakna.
Tapi tukang kendang, tukang kecrék, jeung tukang goong mah kawas teu kabawakeun. Beungeutna angger carakueum, taya parobahan. Kitu deui sindén—awéwé geus tengah tuwuh—udat-udat péot kulit beungeutna, némbongkeun kawas nu tunduh; kawas bosen ningali adegan hareupeunana.
Sabudeureun kalang, hareupeun lélang, rada paroék. Ukur kacaangan ku patromak nu digantungkeun na tihang awi di tengah kalang, jeung ku lampu-lampu cempor tukang kacang, és, jeung tukang kuclak.
Tatabeuhan geus teu pati motah cara mimiti. Ayeuna mah dirincikkeun, diantarékeun. Kawasna mah tadi téh natalu. Atuh awéwé-awéwé nu karandel ku wedak, geus loba nu larbus kaluar asup kalang. Ditoél ku lalaki, indit, sarta teu lila bus deui ka kalang, bari buuk, wedak, jeung lipen katara kusut jeung daradas. Sok, nyimpen duit kana kotak nu geus dibagi-bagi dinomeran, nu ditungguan ku lalaki tengah tuwuh, sarta dina beuheungna nyampay anduk leutik.