Si Bungsu

Ku Apung SW 

Kinanti

Si Bungsu sumedeng lucu
resep seuri remen ceurik
capétang réa paménta
ménta dongéng jeung hariring
tamat dongéng saré tibra
isukan ngarenghik deui

Sakapeung sok rajeun bingung
mun geus ménta dongéng deui
bingung nyaritakeunana
Nini Antéh teu kaharti
raja geus lain usumna
putri geus lain wancina

Si Kabayan dongéng lucu
Si Bungsu gé remen seuri
ngala tutut ngala nangka
mitoha éléh ku licik
ari Kabayan ayeuna
cenah henteu matak seuri

nyaritakeun lembur singkur
sarakan jeung tepis wiring
tutugan nu éndah betah
jeung angin nu ngadalingding
Si Bungsu da urang kota
teu wawuh ka lamping pasir

Si Bungsu murukusunu
tétéla nanya teu ngarti
naon guyang jeung silanglang
jeung icikibung di leuwi
naon ari ciang-ciang
jeung cihcir nu ngawih ti peuting


Tungtungna sok rajeun bingung
bari dibarengan sedih
budak kumaha engkéna
teu wanoh ka lemah cai
teu apal sarakanan
rasana teu nyunda deui


Teu maksud dongéng teu puguh
nyarita hayang kaharti
sugan Si Bungsu micinta
ka lembur nu éndah asri
kumaha nepikeunana
ma’lum ka budak kiwari

Puguh hirup hayang maju
tur bisa ngigelan wanci
hayang natar pajamanan
bari tetep nya mandiri
narah jadi sarah jaman
rumasa boga pribadi

Nu Harayang Dihargaan

Lila Kardi ngajengjen, nungguan kasempetan anu hadé. Najan kudu pasesedek jeung batur, kapaksa nagen. Karasa, hawa di dinya rada nyongkab. Tapi Kardi maphum, lantaran lalaki-lalaki nu ngariung sabudeureun kalang, sumedeng disundutan birahina. Ngentab-ngentab dina dadana, di saawak-awakna.
Tapi tukang kendang, tukang kecrék, jeung tukang goong mah kawas teu kabawakeun. Beungeutna angger carakueum, taya parobahan. Kitu deui sindén—awéwé geus tengah tuwuh—udat-udat péot kulit beungeutna, némbongkeun kawas nu tunduh; kawas bosen ningali adegan hareupeunana.
Sabudeureun kalang, hareupeun lélang, rada paroék. Ukur kacaangan ku patromak nu digantungkeun na tihang awi di tengah kalang, jeung ku lampu-lampu cempor tukang kacang, és, jeung tukang kuclak.
Tatabeuhan geus teu pati motah cara mimiti. Ayeuna mah dirincikkeun, diantarékeun. Kawasna mah tadi téh natalu. Atuh awéwé-awéwé nu karandel ku wedak, geus loba nu larbus kaluar asup kalang. Ditoél ku lalaki, indit, sarta teu lila bus deui ka kalang, bari buuk, wedak, jeung lipen katara kusut jeung daradas. Sok, nyimpen duit kana kotak nu geus dibagi-bagi dinomeran, nu ditungguan ku lalaki tengah tuwuh, sarta dina beuheungna nyampay anduk leutik.