Puisi Puisi Sunda
kalangkang nyedek masjid agung
Jug jleg sagedengeun, sigrong nindesan rohangan hapa
Nincak peuting bentang pindah tinggurilap nyangsang na tangkal
orok ragraggan ti langit jauh ti indungna nu nyingkur jeung bapa anyarna na kalangkang masjid agung
wanci usum hujan pare beusi rajeg. Dikuriling galeng marmer. Panen paceklik rata na rasa lemah ,
isuk jaga sarangenge bakal meletek na saku baju urang, panasna moal aya nu bisa ngajaga.
Deungeun deungeun eak eakan mawa surak patarik tarik.
- Garut, 2006
Nyaeur solokan
Gomprang …
Sora siwur ragrag
- euleuh gening bak teh euweuh caian
percomah dikocorkeun sapeupeuting ngankur jeosna teu bijil sakeclak keclak acan”
sumur tinggal koral sirtu jeung cadas
- keun we aya keneh isukan, sugan...
bari nunda panyakit kulit jeung panyakit hate di tempat sare..
Garut 2006
Banondari
Lain sakali anjeun mudalkeun kapeurih balas nahan renghap basa budak eungap ku lapar
Lain sakali mere harewos, nyeurikkeun catur hirup anjeun nu napak dina sakujur, geuneuk sesa siksa pangabutuh
Ngan teu sakali oge,
anjeun remen nepak dada tanggah cul budak cul awak ngalacurkeun diri ka jaman
Garut 2006
Mapay galengan
Kungsi indit nu berseka Ngararampa jalan
Balikna ceurik ngajerit
Gening pamiangan akur mongklengna jeung panyabaan
Deungeun dulur pada menturan cileuncang sajajalan
Seug inget kana kalangkang nu lila di udag udag
Kesang asa mubah nunutur indung suku
Kalah nambah lesang pangreureuhan
Garut 2006
Meuntas Cikuray
Halimun sutra nyimutan hate nu nguliat
tina rengkol impian
Reumis jadi kesang tiis nyimbeuh sakujur
Sugan jeung asa tuluy ngahiliwir mangpalerkeun kolebat dina reuma
Pangjugjugan asa kabeh jadi tanjakan
Na kongkolak panon udageun angger lulumpatan.
Garut 2006
Langlayangan
Mantengna hate kuring
Ngan nyaruaan kenur nu di tempas angin
Basa ngayap awak langlayangan
Seug pegat hese deui rek kabandang
Mantengna hate kuring
Ngan bisa megat nu kapakan saliwatan
Angger teu bisa ngajak reureuh leleokan
Mantengna hate kuring
Meungkeut langlayangan
Ngala langit…ti kajauhan
Garut 2006
Rageg
Cing aing cing urang
Cing dewek cing….
Tai ucing kumeong tai anjing ngagongong
Tai rageg bari euweuh sungutan
Ngungudag pancilingan
Cing tah....
Garut 2006
Ngaraut
Hulu beungeut awak leungeun
Suku…. Peso asa mimiti mintul
Geus nahun okel okelan, bengkungna leungiteun seukeut.
Mun teu rompang, haben tayohna nyompagan
Jungjunan....
Cing tulungan pang ngajalujuran
Iwal hate nu remen kasebitan
tuliskeun ngaran anjeun dijerona.
Garut 2006
Anjeun teh hirup
Kahatur nu jadi indung
Hirup...hirup teh keur ngawangun hirup
Sabab hirup teh usikna nurani dina tiap renghap
usik jeung ugetna rasa
nu jadi bakal kuring
leuleuyna hate narima ragragna
halodo ciri wawanen anjeun
nyanghareupan gogoda
welas asih anjeun ngan bisa
diwakilan ku seahna jaladri nu
nempasan agulna cadas
hiliwir anginna mere pepeling sajeroning
gumuruhna nu ngageuing
kuring ngan kur regang nincak halodo
kuring lir cadas nu geus regas
kumaha kuring mulang tarima.
Garut, 2007
Maluruh jalan
Salam keur aki Ato
Peuting ieu, angin
Ukur mawa simpe di juru gapura.
Langit angkeub, teu kingkilaban
acan nu hanjat ti peuntas.
Sareupna layung kur ngaririakan langit.
Isuk jaga panon poe moal haat, katumbiri
Sanggeus hujan pasosore kur na implengan
Layung tuluy nyeuneu nepi ka sagara
Nyesakeun kur kalangkang gapura nu tinggal tunggulna
Poe isuk ngan simpe nu bakal nyesa angger ngajega.
Garut, 2007
Televisi
Cetrek hirup
Cetrek paeh
Ganti sora pameunteu angger raca
Pabaliut jeung sireum
Euweuh wates najan na reureuhna jalma
Regang beusi teu lantis ku jaman
Mentang awak newakan kahayang nu pamohalan.
Garut, 2007
Kaduhung
Kaduhung mah tara datang panungtung
Lamun teu karerewas ku kingkilaban
Parahu teh moal di talapung nepi ka nangkub
Urang tangtu lalayaran.
Garut, 2008
Babagi waris
Tah ieu tanah mangrebu rebu bata
Duit ngaratus ketip.
meulikeun kaci atawa boeh,
sesakeun keur saliangeun tanahmah.
Pek sesana bagikeun
Keur hidep jaga, mun
aya sesa pelesiran jeung poya poya.
Garut, 2008
Teuing saha
Awak renul balas kabentur
Beungeut bengep tapak peureup
Ceuli rebing sesa pada ngajiwir
Teuing ku saha.
Dina eunteung aya nu seuri mulak cangkeng
Nepakan dada, Tapi teung saha
Kuring atawa teuing jadi saha.....
Garut, 2008
Wasiat.
Pang neangkeun malim kanyeri
Pikeun newakan tunggara
Nu peurahna nyeksrek na rasa
Pang mawakeun wadah keur nyawa
Nu namprak sasat sangsara
Nu nangkub ditawur ku dunya
Pang neangkeun nu daek tega
dina bagja na sangsara
nu sanggup nuluykeun lengkah
balik
haat maturan ngecagkeun renghap
muka panto ka sawarga.
Garut, 2008
Cihcir
Sora cihcir ngabuligiran ceuli
dirungkup ku dampal lengeun
sorana kalah beuki ngawiwirang
beuki peuting cihcir beuki tarik
sorana nyangangang
antukna paeh na pikir nu kumalayang.
Garut, 2008
Ngadu
Sora torompet, goong jeung kendang
Silih hoak patutunggalan
Anjing, bagong jeung nu bogana
Ngarengkenek ngigel
Silih siku.
Garut, 2008